Shaum Wicara dan Bertanya

Shaum-shaum sunnah kasebut rea. Anu populer nyaeta senen-kemis jeung shaum Daud. Saum Daud mangrupa shaum Sunnah anu ngabogaan ajen anu kalintang luhurna di kalangan ummat muslim kusabab meunang afirmasi jeung kalintang disarankeunana ku Rasulullah pikeun dijalankeun ku umat Rasulullah.
Lian ti sunnah shaum Daud, aya shaum lainna anu prak-prakanna rada beda jeung anu biasa dilakukeun ku umat Muslim, nyaeta shaum anu dilakukeun ku Siti Maryam, nyaeta shaum cumarios. Lian ti eta, aya shaum anu dilakeun ku Nabi Musa waktu guguru ka Nabi Hidir, mangrupa shaum nanya. Ieu ceuk kuring, anu dipenta syarat ku Nabi Hidir ka Nabi Musa dina raraga ngalap elmu hakikat. Laum shaum anu ilahar ku urang-urang mangrupa nahan asupna kadaharan jeung inuman tina baham, sedengkeun anu dilakukeun ku Nabi Musa jeung Siti Maryam mah nahan anu kaluar tina baham, nyaeta mangrupa omongan.
Para filosof pikeun ngaronjatkeun kearifan (wisdom) ku cara loba nanya, sedengkeun Nabi Musa pikeun meunangkeun hikmah (wisdom) ku cara nahan tatanya.
Kartini, pahlawan pergerakan wanoja, ngaronjatkeun ajen inajen wanita kucara loba ngomong, sedengkeun Siti Maryam ku cara teu ngomong sama sakali…..
Aya anu minat??? hihihihi
sesi gerakan Bid’ah

Leave a comment